Senin, 21 Oktober 2013

Ki Sunda



Guna Raja tarékah retakeun bumi lamba
Ngala angenna harmoniskeun langit béntang
Ngiket kana asih, jauh tina humandeuar
Ngulas kalayan salah, animan kalayan nyaah.

Salira pinuh ku Hedap, isitna panutan kabéh manusa,
Rénghapkeun dasa prasanta
Nentremkeun kabéh alam

Imut emét leukeun paka pradana,
Rajeun emét morogol-rogol purusan ning sa,
Gapitan, cangcingan, langsitan, widagda
Pangimbuhin twah tina hiji nyawa.
Saréat mutlak Ki Sunda jadi manusa,
Saréat Raja ti Ki Sunda.

Minggu, 20 Oktober 2013

Sora Jero Kandang

Awi laleutik ngajejer ngurilingan awak.
Timiti luhur nepi ka handap.
belah kenca belah katuhu,
belah hareup belah tukang.
teu siga tangkal waringin nu biasa dicicingan.

ceuyah.. Ripuh.. caina saeutik
ceuyah... Ripuh... sikina saeutik
Ceuyah.. Ripuh... awina laleutik.

Har... asa model Uncal hirup teh.
luncat kadieu luncat kaditu
Har... asa kasiksa hirup teh,
sanajan parabna rea teu walakaya.

Kur.. Kur.. Weuu
Lain ku parab wae hirup teh
lain ku cai wae hirup teh
Ku tangkal uing bisa aya
Ku jangjang uing bisa dibawa
ngapung luhureun antene-antene imah
sabari ningali kaayaan jiga kumaha.

Kur.. kur.. weuu..
bener.. sajenis teu boga akal
bener.. sajenis ngan ukur pamatuk
Ngan.. ceuk saha teu bisa hohoetan
ceuk saha teu bisa gogorowokan

Dasar lain nu sajenis
moal ngarti kahayang uing
moal ngarti hartina kakalayangan
jeung moal ngarti sora jero kandang.