Minggu, 20 Oktober 2013

Sora Jero Kandang

Awi laleutik ngajejer ngurilingan awak.
Timiti luhur nepi ka handap.
belah kenca belah katuhu,
belah hareup belah tukang.
teu siga tangkal waringin nu biasa dicicingan.

ceuyah.. Ripuh.. caina saeutik
ceuyah... Ripuh... sikina saeutik
Ceuyah.. Ripuh... awina laleutik.

Har... asa model Uncal hirup teh.
luncat kadieu luncat kaditu
Har... asa kasiksa hirup teh,
sanajan parabna rea teu walakaya.

Kur.. Kur.. Weuu
Lain ku parab wae hirup teh
lain ku cai wae hirup teh
Ku tangkal uing bisa aya
Ku jangjang uing bisa dibawa
ngapung luhureun antene-antene imah
sabari ningali kaayaan jiga kumaha.

Kur.. kur.. weuu..
bener.. sajenis teu boga akal
bener.. sajenis ngan ukur pamatuk
Ngan.. ceuk saha teu bisa hohoetan
ceuk saha teu bisa gogorowokan

Dasar lain nu sajenis
moal ngarti kahayang uing
moal ngarti hartina kakalayangan
jeung moal ngarti sora jero kandang.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar