Senin, 02 Maret 2015

Gandrung Kapirangrung

Gujrut pisan hirup téh, kieu salah kitu salah, rék balaka lain balakaeunna, rek cicing waé lain kitu jalanna. Pédah manéhna teu lalagasan, naha bet kudu aya késang tiis kaluar tina jero dada, naha bet kudu aya eungap sagala nepi ka teu bisa kukumaha. Sabar cenah, enya sabar... Keun nungguan waktuna bae, ngan nepi iraha éta téh. Sugan puguh kudu ngadagoan mah, bari manehna teu méré nyaho anu dipikahayang. Lamun téa mah kudu enggeusan, atuh lain gé bogoh ari kitu mah. Emang manéhna teh kembang panyawangan téa, lir ibarat mutiara nu teu bisa ditéang saukur leuleumpangan di pasisir laut, rék aya rék eweuh kudu ditéang nepi ka ngorbankeun nyawa di jero cai anu jauh ti daratan. Ieu meureun hiji ujian pikeun meunangkeun mutiara éta. Ngan kieu ningan ari kudu kieukieu teuing mah, iraha teuing atuh paru-paru kuat kudu nahan jerona cai. Ngan kitu téa ari ku cinta cek budak ngora téa mah, najan manéhna boga kabogoh gé saacan jadi salaki mah, hajar wéh cenah. Éta gé pédah wéh lamun apal caritana, komo deui lamun kabogohna téh teu bisa nyumponan hak awéwéna pikeun hirup bagja.
Dasar lalaki abong manéhna lalagasan lila, naha émang teu bisa kitu nyiar nu séjén. Panan dunya téh gedé, piraku teu meunang hiji wanoja nu dipikameumeut. Meni kuat néang kabogoh batur, pan karunya lamun kudu direbut ku manéhna téh. Tapi da geus lumrah ayeuna mah, teuing pédah ngeunah ngobrol meureun kuat kasemsem jeung mohokeun nu hebeul. Padahal mah lain ku nu anyarna atawa hebeulna hayang beunang kabagjaan mah, tapi ku ngajalanan pinuh ku pangarti paduduaan, silih ngélingan, ulah nepi asih dipulang serat atawa nyaah dipulang moha. Ngan ari masalahna surup lelembutan mah éta balik ka dirina séwang-séwangan. Sakirana geus teu cocog mah, enya rék naon deui atuh.
Kitu ogé nu dijalanan ku Si Kembang téh. Bobogohan geus jalan dua tahunan, manéhna geus jiga karéta nu ditabrak motor, satarik-tarikna motor nabrak anggeur weh nu rusak mah motorna lain karétana. Ngan kitu téa, ari ku kanyaah mah hésé rék ngetok palu téh, padahal mah geus asak sasar manéhna téh, tapi angger wéh kitu deui kitu deui. Lamun kami jadi éta kembang, kami mah rék néang deui wéh. Padahal mah saméméh ngasakkeun timbangan téh, si Kembang teh tepang jeung lalaki séjén. Awakna leutik, umurna béda opat tahun jeung manéhna, can panggihan, tapi lila ngobrol boh ti BBM, SMS atawa teteleponan.
Kacaritakeun lalaki éta téh si Kumbang, panggih tina pesbuk geus hampir opat tahunan katukang. Biasa budak ngora, sok silih tunya-tanya rek naon waé masalahna. Meureun asa nyambung, manjang weh obrolanna nepi manéhna percaya méré no hapé atawa PIN BBMna. Si Kumbang mah harita téh kuliah kénéh di Nangor, ari si Kembang téh masih sakola kelas tiluan. Lila pisan obrolan maranehana teh, malahan mah nepi si Kembang jadi mahasiswa. Nanging harita, saprak si Kembang leungit hapéna, komunikasi maranehanana rada paanggang. Lila pisan papisah, Si Kembang duka kumaha kabarna, katut si Kumbang. Aya no telepon saukur SMSan, teu ramé modél pesbukan atawa BBMan. Ngan harita no teleponna ge leungit. Iwal ti pesbuk bisa silih ngobrol. Ti Pesbuk deui si Kumbang ménta pin anyarna, hanjakal acan aya. Beuki lila papisah si Kembang jeung Si Kumbang téh, beuki paanggang beuki paroho.
Sabaraha tahun kahareupna, maranéhna panggih deui, di fesbuk deui maranéhna panggih téh. Ngan teu jiga baréto, obrolan ngan saukur nanya kabar jsb. Ti dinya gé si Kembang méré pin anyarna. Nu diharepkeun ku si Kumbang téh ningan aya deui, teu dilila-lila tuluy diinfit weh, teu lila ogé ditampi. Harita posisina aya nu béda saenggeus panggih deui, manéhna geus kuliah di Bandung, semester opatan. Ngan kitu téa lantaran geus lila teu panggih, asa jadi baréda, teuing pédah geus silih miboga, matak jadi baréda. Si Kumbang jeung Si Kembang  jadi paanggang, ditambih bbm manehna téh tara araktif. Lila kalilaan ngalaleungit.  Si kumbang jeung Si Kembang taya aya carita deui.
Tahun anyar ka hiji ti saprak papanggih deui, tahun anyar ka dua ti saprak papanggih, jeung tahun kahreupna, eweuh carita ngeunaan si Kembang jeung si Kumbang téh. Masing-masing geus teu pada apal kumaha kabarna, atawa kumaha sapopoéna. Ngan teuing kumaha jadina eta bisa panggih deui, saprak BBM si Kumbang rada error tuluy diinstal deui, aya eta ngaran Kembang téh. Ieu kitu nu disebut daluwang katinggang mangsi téh. Atoh teu dikieuna, atoh teu bisa cumarita, harita si Kumbang manggih ngaranna deui.
Rasa bagja, cilaka, kuciwa, jeung sagalana aya harita. Komo deui si Kumbang ningali disababaraha profil bbmna aya ngaran hiji lalaki. Si Kumbang éra nanya, tp si Kembang beuki seungit kabina-bina. Ah diantepkeun weh si Kembang téh, da sieun disangka sok kenal atawa naon. Ti sababaraha poe kahareupna, si Kumbang ngawanikeun manéh nanya ka si Kembang. Dimimitian ku kumaha kabarna, jeung wanoh keneh teu ka babaturan lila nu can pernah panggih. Emang dasarna Si Kembang teh seungit, bageur, solehah, meni asa reug-reug weh si Kumbang, pedah kembang apal keneh. Tidinya obrolan ngan saukur kitu, teu manjang jiga harita.
Dina hiji wanci, kaayaan bareto kaalaman deui, Kumbang jeung Kembang asa jiga balik ka harita. Geus teu silih pada nanya kabar, geus teu silih pada jaim atawa sejenna. Silih nyarita ka sasama, ngeunaan kahirupan sapopoé, banyol mah unggal poé, sok ngadon nyeuri beuteung weh lamun tos ngobrol teh. Sapoe jeput teu pegat tina hapé, bbman, smsan atawa teteleponan. Asa jiga babaturan lila weh, padahal geus lila teu panggih. Manehna ge geus nganggap kitu, matak sagala dicaritakeun naon anu bisa dicaritakeun. Kaasup caritana si Kembang jeung kabogohna ayeuna.
Kacaritakeun si kembang jalan dua tahunan jeung kabogohna téh. Dicaritakeun maranehna teh panggih lantaran saangkatan di pasantrenna. Geus pada apal kulantaran wawuh tea, ngan harita mah si Kembang rada cuek weh, malah mah teu boga niat pikeun bisa jadi hubungan ayeuna. Kitu tea, da harita mah si Kembang teh bobogohan jeung babaturanna, jadi meureun asa moal mungkin kudu jalan jeung babaturanna nu sejen. Tapi ari nasib mah moal bisa digulung ku ombak, rek dibentengan sabaraha puluh meter ge, angger bakal dihabek ombak.
Saprak geus jalan lila, cenah mah rea jadi matak kapegung, ambek nu teu bisa kacumponan, matak jadi cipanon.  Saeutik-eutik silih pajengut-jengut gonggorong, jeung sajabana. Tapi da dipikir-pikir mah eta bumbuna, ngan ari unggal poe kitu mah atuh model 10 cengek direndos, dibarengan ku tomat jeung bawang, tuluy diulek-ulek matak jadi lada. Tah carita eta nu dicaritakeun ka Si Kumbang. Pedah percaya si kembang nyarita ka si kumbang teh. Ngan kitu tea ari si Kumbang mah apal posisi, teu boga hak pikeun kudu mere keputusan kumahana, ngan ari mere masukan mah enya pasti sesuai posisina. Najan aya harepan anu hayang dikebatkeun.
Kacaritakeun deui si Kumbang, saprak manehna panggih deui jeung si Kembang, manehna asa lieur teu puguh-puguh, lain lieur pedah kasakit, tapi pedah dibukakeun deui lawang hatena nu salila ieu kakonci. Tagiwurna mah, posisina nu mukakeun teh boga kabogoh, matak jadi teu puguh rarasaan. Kahiji sieun ngaganggu, tapi kaduana nyimpen harepan. Da si Kumbang mah lamun bogoh ka wanoja teh kudu apal hate soranganna. Cek manehanana mah hate teh mangrupakeun media cahaya ti gusti alloh taala. Manehnna moal pati-pati bogoh lamun teu dihatean, rek dipapaksa ari hate teu muka mah, moal nepi ka wani ngabogohan wanoja. Tapi cek babaturanna mah ieu nu salah ti si Kembang, lain ku dasar hatena, tapi ku maen hatena, tigeujretna bisa jadi matak hariwang. Ieu oge nu dihariwangkeun ku Si Kembang, ka kumbang anu polos. Ngan Kumbang Saprak geus jalan lila, cenah mah rea jadi matak kapegung, ambek nu teu bisa kacumponan, matak jadi cipanon.  Saeutik-eutik silih pajengut-jengut gonggorong, jeung sajabana. Tapi da dipikir-pikir mah eta bumbuna, ngan ari unggal poe kitu mah atuh model 10 cengek direndos, dibarengan ku tomat jeung bawang, tuluy diulek-ulek matak jadi lada. Tah carita eta nu dicaritakeun ka Si Kumbang. Pedah percaya si kembang nyarita ka si kumbang teh. Ngan kitu tea ari si Kumbang mah apal posisi, teu boga hak pikeun kudu mere keputusan kumahana, ngan ari mere masukan mah enya pasti sesuai posisina. Najan aya harepan anu hayang dikebatkeun.
Kacaritakeun deui si Kumbang, saprak manehna panggih deui jeung si Kembang, manehna asa lieur teu puguh-puguh, lain lieur pedah kasakit, tapi pedah dibukakeun deui lawang hatena nu salila ieu kakonci. Tagiwurna mah, posisina nu mukakeun teh boga kabogoh, matak jadi teu puguh rarasaan. Kahiji sieun ngaganggu, tapi kaduana nyimpen harepan. Da si Kumbang mah lamun bogoh ka wanoja teh kudu apal hate soranganna. Cek manehanana mah hate teh mangrupakeun media cahaya ti gusti alloh taala. Manehnna moal pati-pati bogoh lamun teu dihatean, rek dipapaksa ari hate teu muka mah, moal nepi ka wani ngabogohan wanoja. Tapi cek babaturanna mah ieu nu salah ti si Kembang, lain ku dasar hatena, tapi ku maen hatena, tigeujretna bisa jadi matak hariwang. Ieu oge nu dihariwangkeun ku Si Kembang, ka kumbang anu polos. Ngan Kumbang emang geus ngarasa surup jeung lelembutanna, iwal takdir nu bisa nyadarkeun manehna.  Pikeun ayeuna mah hese, lantaran yakin pisan kana hatena teh, komo deui salila ngajalanan, rea siloka anu teu dibuat-buat, nu aya dikieuna, teu dipenta-penta aya maalah jol datang sorangan. Lamun tea mah lain kumbang nu ngayakeun lain kembang nu ngayakeun, pastina ayana teh aya nu ngayakeun, saha deui lamun nu ngayakeun teh lain gusti urang sarerea.
Tah ningali kana kondisi si Kembang, kumbang ngangap emang model mutiara, najan henteu kaselir tapi tekadna mah ngan hiji, ibadah. Anu gaduh panuhun, sanes asih dimulang sengit, sanes nyaah dimulang moha,Sanes suka diriung ku gelung, sanes niat dimulang ngeret.  Anu Disuhun dina embun-embunan, Disuhun saumur hulu, Disuhun surup lelembutan, Runtut raut sauyunan, Sapapait samamanis sareng anjeun kembang panyawangan.
Nanging can dipedalkeun harepan ieu kamanehna teh, manehna nyimpen sakabeh rasana, ikhlas ridho, siap nampi resiko. Ieu nu manehna jadi teu puguh, nahan kasakit, kanyeuri kanggo mutiara anu dipikameumeutna. Kumaha geletuk batuna nu kecebur dina cai bae, eta anu janten panguat hirupna. Moal mamaksa kudu sarua, moal nyingkah oge ditakdirna, najan yakin kana harepanna, daluwang katinggang mangsi, Kembang jang kumbang pikeun samar rasa samar rampa,  samar polah samar rasa.
Gandrung kapirangrung ti beurang teu ngeunah rasa, ti peuting sok mindeung nyaring. Gandrung kapirangrung lain diriung-riung ku gelung, lain digéléng-géléng ku angkéng. Gandrung kapirangrung ku cara gula jeung peueut tina kayakinan anu tos dibejer beaskeun.....

emang geus ngarasa surup jeung lelembutanna, iwal takdir nu bisa nyadarkeun manehna.  Pikeun ayeuna mah hese, lantaran yakin pisan kana hatena teh, komo deui salila ngajalanan, rea siloka anu teu dibuat-buat, nu aya dikieuna, teu dipenta-penta aya maalah jol datang sorangan. Lamun tea mah lain kumbang nu ngayakeun lain kembang nu ngayakeun, pastina ayana teh aya nu ngayakeun, saha deui lamun nu ngayakeun teh lain gusti urang sarerea.
Tah ningali kana kondisi si Kembang, kumbang ngangap emang model mutiara, najan henteu kaselir tapi tekadna mah ngan hiji, ibadah. Anu gaduh panuhun, sanes asih dimulang sengit, sanes nyaah dimulang moha,Sanes suka diriung ku gelung, sanes niat dimulang ngeret.  Anu Disuhun dina embun-embunan, Disuhun saumur hulu, Disuhun surup lelembutan, Runtut raut sauyunan, Sapapait samamanis sareng anjeun kembang panyawangan.
Nanging can dipedalkeun harepan ieu kamanehna teh, manehna nyimpen sakabeh rasana, ikhlas ridho, siap nampi resiko. Ieu nu manehna jadi teu puguh, nahan kasakit, kanyeuri kanggo mutiara anu dipikameumeutna. Kumaha geletuk batuna nu kecebur dina cai bae, eta anu janten panguat hirupna. Moal mamaksa kudu sarua, moal nyingkah oge ditakdirna, najan yakin kana harepanna, daluwang katinggang mangsi, Kembang jang kumbang pikeun samar rasa samar rampa,  samar polah samar rasa.
Gandrung kapirangrung ti beurang teu ngeunah rasa, ti peuting sok mindeung nyaring. Gandrung kapirangrung lain diriung-riung ku gelung, lain digéléng-géléng ku angkéng. Gandrung kapirangrung ku cara gula jeung peueut tina kayakinan anu tos dibejer beaskeun.....


Tidak ada komentar:

Posting Komentar