Budak Sausap
Lamun téa mah kuring geus bisa ngomong lain saukur gogowakan, meureun moal matak jadi kieu. Ngajalanan hirup anu beda ti batur, teu ngasaan kumaha welas kasih ti indung, teu ngasaan kesangna bapa jang istrina katut budakna, teu ngasaan ramo anu dikeupeul ku dua leungeun kolot bari leuleumpangan, teu ngasaan kumaha komplitna keluarga. Rek ngomong kumaha tina kaayaan harita sedangkeun kuring sorangan ngan saukur budak sausap, teu ngararti maranéhna ngomong naon, teu ngarti maranéhna keur naraon. Untungna kuring harita keur orok kénéh, coba lamun kuring geus bisa lumpat, meureunan kuring ayeuna teuing jadi kumaha.
Ti leuleutik anu kuring apal, sarua baé jiga babaturan. Kuring boga indung, kuring ogé boga bapa. Kuring gé boga lanceuk sapantareun, malahan mah sarua rarayna. Cenah sok disebut si Kembar ku tatangga téh, pédah kamamana sok disaruakeun, boh tina model pakaian jeung sagalana. Ngan memang aya nu nyebut kuring gé asa béda ti nu lain. Meureun ieu ngaran budak sausap téh, kitu ogé nu aya dipikiran kuring. Tapi teu jadi matak hariwang ka kuring sorangan, da anu saapal mah, manéhna lanceuk kuring.
Ti leuleutik kuring sok ngadon dibawa ulin, ti kénca ti katuhu kuring téh sok ditanyaan, unggal kuring ngaléwat sok ngadon digeroan. Lamun indung rék ka warung, kuring sok ngadon hayang milu, teu dipénta gé pasti diajak. Tah ieu nu jadi sabab tatangga apal kuring téh saha. Si Mamah (sebutan Kuring) sok ngadon ngajelaskeun, yen kuring téh budak paling bungsu. Ku kanyaahna eta si mamah teh, kuring disakolakeun ti tempat anu sarua jeung lanceuk kuring. Mangkat jeung mios sakola tangtuna babarengan. Ku babarenganna ieu kuring dianggap sarua, sarupa. Ari ngaran keur budak mah da polos, teu apal nanaon, anu diapal ge ngan saukur ulin, dahar, jajan, sakola, ngapalkeun jeung sajabana. Kuring nikmati weh masa-masa sakola SD jeung Sri anu sarupa.
Harita keur jaman sakola SD, kuring téh dikenal rajin, malahan mah kaasup murid anu motekar. Tiap tahunna, tiap semseterna sok aya weh ngaran kuring jadi pinunjul kelas teh, rangking tilu besar atawa ka hiji teu weléh kaasaan. Ku kieuna kuring teh dipikawawuh ku sasaha, boh ku babaturan sakola atawa babaturan salembur. Kembaran kuring gé sarua pinterna, manéhna téh sok jadi saingan kuring, ngan kitu ari rizki mah moal patuker, tapi kedah diikhtiaran. Meureun ieu nu matak kuring dipikanyaah ku kabéhan.
Di imah anu iuh, keur ngeunah ngalunjar di kamar, kuring dipiwarang ka tengah imah ku si Mamah sina calik sareng lalaki anu karék panggih, make seragam Pulisi. Kuring téh ngarasa sieun, pédah wéh caritaan ti kolot atawa dinu saluhureun sok nyingsieunan ka nu ngaranna Polisi. Komo kuring harita hésé dipiwarang emam. Si Mamah sok ngadon nyambat ngaran polisi téh, ku kituna kuring matak jadi sieun kanu ngaranna polisi teh. Pédah harita si Mamah pernah nyarita, cenah boga lanceuk anu gawéna jadi Pulisi, kuring téh biasa waé. “Meureun ieu lanceuk si Mamah téh?” (nanya tina haté).
Heug.... kuring nyamperkeun Pulisi éta, si Mamah katut si Bapa nuju calik digigireun korsi anu lowong. Kuring sun tangan ka Pulisi, pédah sieun wéh kuring sun tangan téh. Rarasaan kuring jigana mah aya nu rék diobrolkeun. Nanging ningali kaayaan harita, kuring serba bingung, da tara biasana model kitu. Ditanyaan kumaha sakola kuring, moal mungkin nepi ka kieu. Dibéjakeun kuring hésé dahar, ah meni téga kitu si Mamah. Maenya wéh pédah hésé emam, kakuat kudu di bui. Tuluyna mah Maranéhna téh jol-jol ngadeukeuttan kuring, sabari narangkep sagala. Ari kuring téh beuki bingung ningali kaayaan harita.
“Sok calik neng, di dieu di gigireun bapa!”
“Muhun Pa” kuring unggeuk.
Ayeuna korsi anu lowong téh kaeusi, kuring calik deukeut pisan jeung apa, pahareup-hareup jeung pulisi. Jiga modél diintrograsi. Kuring beuki sieun, saprak Pulisi éta ningali kuring. Teu lila si Mamah naros,
“Neng... ayeuna téh tos nincak kelasa genep SD. Bade teraskeun kamana engké sakola?”
Hah... ngajenghok kuring saban haté leutik mah ngomong, ningan ngan saukur Lamun téa mah kuring geus bisa ngomong lain saukur gogowakan, meureun moal matak jadi kieu. Ngajalanan hirup anu beda ti batur, teu ngasaan kumaha welas kasih ti indung, teu ngasaan kesangna bapa jang istrina katut budakna, teu ngasaan ramo anu dikeupeul ku dua leungeun kolot bari leuleumpangan, teu ngasaan kumaha komplitna keluarga. Rek ngomong kumaha tina kaayaan harita sedangkeun kuring sorangan ngan saukur budak sausap, teu ngararti maranéhna ngomong naon, teu ngarti maranéhna keur naraon. Untungna kuring harita keur orok kénéh, coba lamun kuring geus bisa lumpat, meureunan kuring ayeuna teuing jadi kumaha.
Ti leuleutik anu kuring apal, sarua baé jiga babaturan. Kuring boga indung, kuring ogé boga bapa. Kuring gé boga lanceuk sapantareun, malahan mah sarua rarayna. Cenah sok disebut si Kembar ku tatangga téh, pédah kamamana sok disaruakeun, boh tina model pakaian jeung sagalana. Ngan memang aya nu nyebut kuring gé asa béda ti nu lain. Meureun ieu ngaran budak sausap téh, kitu ogé nu aya dipikiran kuring. Tapi teu jadi matak hariwang ka kuring sorangan, da anu saapal mah, manéhna lanceuk kuring.
Ti leuleutik kuring sok ngadon dibawa ulin, ti kénca ti katuhu kuring téh sok ditanyaan, unggal kuring ngaléwat sok ngadon digeroan. Lamun indung rék ka warung, kuring sok ngadon hayang milu, teu dipénta gé pasti diajak. Tah ieu nu jadi sabab tatangga apal kuring téh saha. Si Mamah (sebutan Kuring) sok ngadon ngajelaskeun, yen kuring téh budak paling bungsu. Ku kanyaahna eta si mamah teh, kuring disakolakeun ti tempat anu sarua jeung lanceuk kuring. Mangkat jeung mios sakola tangtuna babarengan. Ku babarenganna ieu kuring dianggap sarua, sarupa. Ari ngaran keur budak mah da polos, teu apal nanaon, anu diapal ge ngan saukur ulin, dahar, jajan, sakola, ngapalkeun jeung sajabana. Kuring nikmati weh masa-masa sakola SD jeung Sri anu sarupa.
Harita keur jaman sakola SD, kuring téh dikenal rajin, malahan mah kaasup murid anu motekar. Tiap tahunna, tiap semseterna sok aya weh ngaran kuring jadi pinunjul kelas teh, rangking tilu besar atawa ka hiji teu weléh kaasaan. Ku kieuna kuring teh dipikawawuh ku sasaha, boh ku babaturan sakola atawa babaturan salembur. Kembaran kuring gé sarua pinterna, manéhna téh sok jadi saingan kuring, ngan kitu ari rizki mah moal patuker, tapi kedah diikhtiaran. Meureun ieu nu matak kuring dipikanyaah ku kabéhan.
Di imah anu iuh, keur ngeunah ngalunjar di kamar, kuring dipiwarang ka tengah imah ku si Mamah sina calik sareng lalaki anu karék panggih, make seragam Pulisi. Kuring téh ngarasa sieun, pédah wéh caritaan ti kolot atawa dinu saluhureun sok nyingsieunan ka nu ngaranna Polisi. Komo kuring harita hésé dipiwarang emam. Si Mamah sok ngadon nyambat ngaran polisi téh, ku kituna kuring matak jadi sieun kanu ngaranna polisi teh. Pédah harita si Mamah pernah nyarita, cenah boga lanceuk anu gawéna jadi Pulisi, kuring téh biasa waé. “Meureun ieu lanceuk si Mamah téh?” (nanya tina haté).
Heug.... kuring nyamperkeun Pulisi éta, si Mamah katut si Bapa nuju calik digigireun korsi anu lowong. Kuring sun tangan ka Pulisi, pédah sieun wéh kuring sun tangan téh. Rarasaan kuring jigana mah aya nu rék diobrolkeun. Nanging ningali kaayaan harita, kuring serba bingung, da tara biasana model kitu. Ditanyaan kumaha sakola kuring, moal mungkin nepi ka kieu. Dibéjakeun kuring hésé dahar, ah meni téga kitu si Mamah. Maenya wéh pédah hésé emam, kakuat kudu di bui. Tuluyna mah Maranéhna téh jol-jol ngadeukeuttan kuring, sabari narangkep sagala. Ari kuring téh beuki bingung ningali kaayaan harita.
“Sok calik neng, di dieu di gigireun bapa!”
“Muhun Pa” kuring unggeuk.
Ayeuna korsi anu lowong téh kaeusi, kuring calik deukeut pisan jeung apa, pahareup-hareup jeung pulisi. Jiga modél diintrograsi. Kuring beuki sieun, saprak Pulisi éta ningali kuring. Teu lila si Mamah naros,
“Neng... ayeuna téh tos nincak kelasa genep SD. Bade teraskeun kamana engké sakola?”
Hah... ngajenghok kuring saban haté leutik mah ngomong, ningan ngan ukur naroskeun rek tuluykeun kamana sakola téh. Hahaha Masih untung si Mamah teu ngabéjakeun kuring hésé ngisikeun beuteung.
“Duka atuh Mah, teu acan terang bade kamana-na! Aya naon kitu Mah?” tanya Kuring.
“Néng kaayaan lembur téh geus burung kasieun, Néng nu ayeuna tos badé nincak gadis kedah diémutan ku Apa sareng Mamah. Tapi Mamah sareng Apa moal tiasa teras-terasan ngemutan. Ku kituna apa sareng mamah téh badé ngalebetkeun Néng ka Pasantrén! Margi di Pasantrén ieu néng tiasa ngabekelan nyalira kanggo kahareupna.” Bapa ngajéntrékeun.
Sabenerna mah kuring téh embung asup pasantrén téh, kuring hayang nyobaan sakola ti nu biasana. Lian kitu ogé kuring boga impenan, yén hayang asup ka sakola favorit. Ngan kumaha ari jadi budak sausap, rék teu nurut gé angger moal bisa kukumaha. Rék gogowakan ngomong “alim” gé tetep teu bisa kukumaha... Enya kuring nurut wéh ka nu jadi sepuh.
“Muhun Mah, teu langkung bapa, néng mah!” bari kuciwa.
Di hareuepeun kuring pulisi éta jiga nu keur seneng, teuing ngadéngé kuring rék ka pasantrénkeun manéhna jadi gumbira kitu. Sanggeus kitu éta manéhna téh méré peupeujeuh ogé, disakséni ku si Mamah jeung si Apa.
“Leres Néng, di Pasantrén ieu bakal gaduh pangaweruh lian ti élmu anu mangfaat ogé. Bapa mah teu weléh ngaduakeun, néng janten budak anu soleh, bageur jeung pinter.”
Ngan saukur bisa tungkul kuring tina kaayaan nu kitu. Ngalenyepan cariosan sepuh. “Mamaaaaaaaaaaaaaahhhhhh meni kitu...... :’(“, ngan sieun aya pulisi. Untungna si Sarah ngajak ulin, jadina aya nu ngabrang-brangkeun. Tidinya kuring tuluy lumpat nyamperkeun si Sarah. Sarah mémang mohokeun kuciwana kuring, najan kalang mangsa santrén bakal kasorang.
Bersambung
Tidak ada komentar:
Posting Komentar